POST-TITLE-HERE

Posted by Author On Month - Day - Year

POST-SUMMARY-HERE

POST-TITLE-HERE

Posted by Author On Month - Day - Year

POST-SUMMARY-HERE

POST-TITLE-HERE

Posted by Author On Month - Day - Year

POST-SUMMARY-HERE

POST-TITLE-HERE

Posted by Author On Month - Day - Year

POST-SUMMARY-HERE

POST-TITLE-HERE

Posted by Author On Month - Day - Year

POST-SUMMARY-HERE

Puntennn..ahhh ditampi enya...

Diposting oleh Masakan On 21.40
RAPOT
"Ma, dina rapot ujang aya angka 9 sadua-dua !"
"Alus jang ! Pinter gening ujang téh ! Palajaran naon éta téh jang ?"
"Alpa sareng sakit ma !"

KAMERDÉKAAN
"Hin, Kuring mah teu bisa lamun teu sarapan téh, sok salatri"
"Enya Dang, cenah mah bisa maag"
Mas Sastro némbrong mani medok pisan :
"Semun serua, abdi ogé upami enteu dahar énjing-énjing sok sulastri,
ari seer dahar sok kamerdékaan !"
"Lain kamerdékaan atuh mas, kamerekaan meureun !"
"Enya, buteng abdi mani tuas pisan !"

SÉNSOR
"Alhamdulillah, dina taun ieu sim kuring tos tiasa ngaréngsékeun hiji pilem anu
masa puterna opat jam, mung aya hanjakalna....", ceuk bintang pilem.
"Dupi hanjakalna...?", ceuk wartawan.
"Éta pilem téh.......sadayana disénsor ! "

SUSU
"Lamun BBM naék, pasti ongkos kirim susu ka Jakarta bakal naék !"
"Kumaha lamun susu anu naék ?".
"Taékeun baé harga jualna !", ceuk haji Onéng bos pabrik susu.
"Lamun susu nu naék, lain kana taktak bos ?!"

OPERASI
"Kunaon manéh teu asup digawé kamari ?"
"Hapunten pa. kamari téh pun anak ngolomohan artos kencring saratus,
teras kaseglong. janten abdi téh ngakalan ku pinsét, da dioperasi mah awis".
"Karunya teuing atuh ! Kumaha beunang duitna ?"
"Alhamdulillah pa ! Nembé kénging tilu lawé ! "
"Jadi manéh téh isukan rék bolos deui baé nya ?!"
"Sumuhun, badé neraskeun hanca kamari !"

JIN
"Jang, kunaon teu dicalana ?", indung jin nanya ka anakna.
"Lancingan ujang dicandak ku manusa, tuh digantung di tukang loak ma !"
"Keun, ku ema diririwaan siah tah manusa téh !"

NANTANG

"A ! Aya nu nantang gelut ka Aa !"
"Kurang ajar ! Naha teu nyaho aing téh golék mérah pang jago na sa Karawang ?"
"Teu terangeun panginten A ! Mung Aa kinten-kintena kersa ?"
"Saha tah mangkelukna téh !"
"Hayam jago mang Uhé !"
"Hah ?! Lamun lain adi, dicacag siah !"

Buat Kang Oleh....lumayan buat ngurangi asep di kepala neh..

LEUPEUT
"Mang leupeut téh aya eusian ?"
"Dagingna ku hayam", témbal tukang dagang.
"Gening euweuh eusian ?!"
"Pan sanggem abdi ogé dagingna ku hayam"

PANGAOSAN
"Artos sapésér ogé nuju zaman walanda mah pangaosan dén !"
"Komo ayeuna mah bi, teu maké duit ogé bisa ngadéngékeun ....pangaosan!"

PISALAKIEUN
"Naha milih salaki téh anu begang kitu, teu sarimbag jeung awak manéh ?"
"Ngahaja, lamun paséa pasti kuring anu meunang !"

0 Response to "Puntennn..ahhh ditampi enya..."

Posting Komentar

    Blog Archive

    About Me